Saturday, May 8, 2010

IEU TEH CURHAT


Reuwas… reuwas nyaan ieu mah, teu direka-reka. Di lingkungan kampus, unggal sim kuring ngobrol sareng rencangan, nu diarajak ngobrol teh ngadon tingharuleng. Sugan tarorek maranehna teh, ah da henteu. Kunaon atuh nya ?. Teu saukur ngaharuleng, malah mah aya oge nu nyeleungseurikeun. Aduh, kuring jadi tambah bingung !. Aya nu salah kitu dina omong-omongan kuring ?. Kahoyong mah, heug tembalan atuh ari diajak ngobrol teh. Eh ieu mah geura malah musam-mesem, tingcirihil nahan seuri. Teu dialajar sopan santun kitu ku kolot-kolotna ?. Ah asa piraku ari dugika kitu-kitu teuing mah….
Oh… sim kuring rada ngartos ayeuna mah. Harita aya nu ngabejaan kuring yen barudak teh ngaharuleng lantaran teu ngalartiuen cenah. Tapi naha bet teu ngalarti nya ?. Rarasaan sim kuring mah mun ngobrol teh biasa-biasa bae. Sing sumpahna oge, daek kasep tujuh turunan kuring mah, teu sakali-sakali acan kuring was-wes-wos ku basa Inggris, Jerman, Cina, Arab atawa nu sajabina ti eta. Biasa we, boh di rorompok (Sukabumi) atanapi pas di lingkungan perkuliahan (Bandung), ngobrol teh angger ku basa Sunda.

           Haaaaar… geuning tos teu usum cenah ayeuna mah ngobrol ku basa Sunda teh !. Paingan atuh ari kitu mah barudak teh ngan tingharuleng mun diajak ngobrol ku kuring. Teras kedah kumaha atuh ngarah mun ngobrol tiasa “connect ?”. Euleuh… euleuh, sim kuring kedah ngelehan, diajar basa gaul siga nu dipintonkeun di sinetron-sinteron. Ayeuna mah sim kuring ditungtut tiasa nyebat “Elu” (maneh), “Gue” (kuring). Sakapeung si “elu” teh dilafalkeunnana jadi “lo” jeung “gue” jadi “gua”.
Huh… cangkeul geuning para saderek !. Teu bohong kuring mah, serieus, nyarios gaul ala remaja jaman kiwari teh, aduuuuh matak cangkeul letah gitu loh !. Lantaran teu biasa dupina mah. Angger ku basa Sunda wae kitu ?. Ah eta ge tos kabuktosan, teu ngalartieun !. Jadi, basa Sunda mah ke laut aje !, ceuk barudak gaul.
 Tah… ieu yeuh nu kacida pisan mah, perkawis diseungseurikeunna. Ayeuna mah geuning, kaum muda-mudi nu ngangge basa Sunda teh dicap “kampungan”. Sangkaan sim kuring mah, kuring disebat kampungan teh ku lantaran kuring nu asalna ti Sukabumi. Keur urang Bandung mah, Sukabumi teh kampung meureunan. Kop bae lah, narimakeun kuring mah, lapang dada. Mung da sanes gara-gara eta geuning kuring dipoyok kampungan teh. Kuring dipoyok kampungan teh ku sabab mun ngobrol sok ku basa Sunda. Adeuh, rada teu genah ieu mah karasana. Asa… asa… hayang nampiling… duh… astagfirullah…. 
Ah… kumaha deui atuh, da emang geus kudu kieu ti dituna meureunan (yen basa Sunda saeutik-saeutik bakal lapur). Pasrah we ah. Kajeun lah ngobrol moal ditembalan oge, kajeun dipoyok kampungan teu eureun-eureun oge. Sakali basa Sunda tetep basa Sunda !. Hidup basa Sunda !.
            Geuleuh… kudu rada kuat batin we ayeuna mah. Geuleuh lantaran sapopoe kudu ngadenge babaturan kuring nu ngaromong; “Eluh mau ke mana ?, Guwah mah ke BIP !”. Memang letahna parantos di-set ku Gusti Pangeran jadi letah Sunda, ahirna obrolan basa gaul ge campur jeung logat Sunda. Tah eta kampungan mah !, gerentes hate kuring. Hiji mangsa, baturan sim kuring nanya; “San guwah cabut dulu ya, lo sekarang mo ke mana ?”.
“Oh gua mah poek !”, tembal kuring ngaheureuykeun jawabanana, bawaning ku kesel.
            Ambuing… ku sabab maranehna nu cenah garaul teh ngategorikeun “makhluk-makhluk” siga sim kuring kaasup “jenis langka”. Di lingkungan rencangan teh teu sakedik nu nganggap kuring ahlina dina widang Basa Sunda. Wah, boro-boro pakar, di rorompok ge, angger dugika ayeuna sim kuring masih keneh sok dicaram soal babasaan ku ibu-bapa; “Ari maneh kasar-kasar teuing atuh ngomong teh !”. Kacida, saking ku tara pisan dina ngangge basa Sunda, kuring nu biasa-biasa wae oge dugika dianggap tos ahli !. Kumaha tah, saha nu teu eling ?.

2 comments:

  1. horeee ngerti!!!
    terimakasi kang ihsan, telah membuat saya memiliki banyak kosakata baru dan mengartikannya *masih belajar bahasa sunda nih saya*

    kalo kang ihsan ngobrol sama saya pake basa sunda, pasti saya masih rada blah bloh, karena saya bukan orang sunda dan masih mempelajarinya. karena itu saya pribadi di kampus lebih memilih pake bahasa indonesia, takut kalo pake bahasa sunda ntar salah ngomong :D

    ReplyDelete
  2. hehehehe.... de ira selalu jadi yang pertamax komenin postingan saya.. hatur nuhun ya...

    ReplyDelete