Ngabojeg teh saurna tos janten karakter khas urang Sunda. Nu matak ka urang Sunda mah sok seueur nu nyebat “murah senyum” (naon atuh istilah Sundana mah, amis biwir kitu ?). Da eta panginten, sadidintenna teu weleh dieusi ku ngabanyol jeung ngabanyol. Seuri teh landong jamedud, ubar kasusah, panglipur rarudet hate. Asal ulah so teh dugika ka S-3, nyaeta Sok Seuri Sorangan. Nu kitu mah namina “gelo” tea. Tah dina kasempetan ieu, sim kuring ngajak saderek pala-blogger nu nyumpingan blog sim kuring kangge seseurian. Sim kuring midangkeun sababaraha hiji tulisan humor anu sim kuring niley pangbodorna, dikutip tina Majalah Humor “Cakakak”, edisi nu munggaran (Mei 2010) sareng edisi nu kadua (Juni 2010). Mulei ti denget ieu, artikel HAUS (HAyu Urang Seseurian) ieu bakal jadi artikel nu maneuh ngeusi blog Tulas-Tulis. Mangga, wilujeng maos HAUS edisi kahiji, lajeng wilujeng ngabarakatak.
Si Papah Naon Damelna ?
Tini sakola kakara kelas hiji SD. Bada magrib ngariung jeung kulawargana di patengahan bari lalajo film animasi “Ipin & Upin”. Di dinya aya indungna, bapana, adina jeung lanceukna.
“Mah, ari anu ngalahirkeun Tini teh saha ?”, Tini nanya ka indungna.
“Anu ngalahirkeun Tini teh Mamah, anu matak Tini kedah nyaah ka Mamah,” tembal indungna.
“Ari nu ngalahirkeun Teteh ?”
“Sami Mamah.”
“Si Ade ?”
“Anu ngalahirkeun si Ade, Mamah deuih.”
“Janten sadayana dilahirkeun ku Mamah nya ?”
“Muhun”
“Ari si Papah naon damelna atuh ?”, ceuk Tini bari melong ka bapana bari rada sinis.
Ibarat Timnas
Di lingkungan pamaen mengbal oge aya saurang-urangeun anu boga pangaresep… salingkuh. Malah saurang pamaen eta mah salingkuhna teh geus ti babaheula keneh. Babaturanna ge arapaleun, yen eta pamaen dina seuseuhanana mah asa leuwih mentingkeun batur salingkuhna tibatan pamajikanana. Dina hiji mangsa eta pamaen nu salingkuh teh diwawadian ku babaturanana.
“Cing atuh euy, salingkuh teh geura eureunan. Ditempo-tempo teh maneh mah asa cul pamajikan, kalah loba ngagugulukeun kabogoh maneh?”, ceuk babaturanana.
“Ah, nya teu nanaon atuh. Apan dewek mah boga prinsip nu anyar !”
“Prinsip anyar ? Nya naon maksud maneh teh ?”
“Heueuh perkara dewek rada cul-culan ka pamajikan”
“Maksud maneh ?”
“Da dewek mah ka pamajikan teh lir ibarat ka timnas. Heueuh cukup sataun sakali, tapi dina prakna maen teh dibarung ku kareueus. Kumaha we lamun urang kapanggil ku timnas, apan maenna oge ukur sataun sakali. Ari mimindengna maen mah apan cukup di kompetisi lokal bae,” ceuk eta pamaen bari ngaheheh.
Kode Aneh
Bu Iis boga anak awewe keur sumedeng rumaja. Ma’lum atuh boga anak awewe keur meumeujeuhna, sok serba salah. Dibebaskeun teuing, sok loba kabejakeunana. Ari dikerasan teuing, sok sieun aya matakna. Tungtungna mah Bu Iis teh sineger tengah, bebas teuing henteu, keras teuing oge henteu. Kaasup dina mangsana Tina Boga kabogoh eta teh. Dicaram henteu, dibebaskeun teuing oge henteu deuih.
Basa kabogoh Tina rek apel anu munggaran, Bu Iis mere nasehat panjang lebar ngeunaan anu pantes jeung anu teu pantes dilakonan ku nu keur bobogohan. Malah pikeun nalingakeun nu bobogohan sangkan teu kamalinaan, Bu Iis mere kode-kode anu tangtu, minangka isarah keur Bu Iis anu rek cicing di patengahan.
Bu Iis : regepkeun nya Neng, upami si Aa nyepeng panangan, Eneng kedah nyarios “maung”… upami ngusapan rambut, Eneng kedah nyarios “onta”…
Tina : Mangga, Mah…
Bu Iis : Upami si Aa nangkeup Eneng, Eneng kedah nyebat “jarapah”… Tah upami si Aa bade ngesun, Eneng kedah nyarios “gajah”…
Tina : Mangga, Mah…
Peutingna, Tina jeung kabogohna paduduaan di ruang tamu. Ari Bu Iis cicing di patengahan bari ngadedengekeun kode ti Tina.
Mimitina anu keur bobogohan teh kadenge uplek ngobrol biasa. Lila-lila, jep bae jarempe. Keur kitu, kadenge Tina ngagorowok. Anu matak kacida kagetna keur Bu Iis, Tina ngagorowokna teh; “Kebon Binataaaaang !”, cenah.
Di Peternakan Sapi
Pamilon Seminar Kulawarga Harmonis ngayakeun kunjungan ka peternakan sapi di Tapos. Salasaurang pemandu di Tapos netelakeun yen sapi-sapi anu aya di dinya teh sararehat jeung kararuat deuih.
“Bapa sareng Ibu, ieu sapi ti New Zealand, kuat pisan, dina sadintenna tiasa lima kali ngayakeun hubungan sareng sapi bikang,” ceuk pemandu.
“Tuh, Pa, lima kali sadinten. Tiasa henteu ?”, ceuk hiji ibu bari nyigeung salakina.
“Bapa sareng Ibu, upami ieu sapi Ustrali, langkung kuat deui, sadintenna teh tiasa 10 kali !”, ceuk pemandu.
“Tuh, Pa, sapuluh kali ! Bayangkeun geura !”, ceuk si Ibu deui bari nyigeung salakina leuwih tarik.
Salakina asa kapanasan, pok nanya ka si pemandu, “Punten, Pa, dupi eta anu 10 kali teh jeung bikang anu eta-eta keneh ?”
“Nya bikangna mah benten-benten atuh !”, tembal si pemandu.
“Tuh, Bu, 10 kali teh benten-benten pasanganana !”, ceuk salakina.
Si Ibu jamedud.
Bubur Ayam
Ieu mah kajadianana dina kareta api Banjar – Pangandaran, kitu lah… kira-kira taun 70-an. Harita teh kareta keur eureun di stasiun Banjarsari.
Aya nu dagang goreng hayam nanawarkeun daganganana bari mapay-mapay handapeun gerbong.
“Goreng hayam ! Goreng hayam !”, ceuk eta anu dagang cocorowokan.
Pas handapeun hiji jandela, ujug-ujug orolo teh aya aki-aki utah. Utahna meneran pisan kana cecempeh dagangan goreng hayamna. Puguh wae nu dagang hayam teh bingungeun kacida.
Sanggeus ngareret kana daganganana anu pinuh ku utah eta aki-aki, nu dagang hayam teh nuluykeun deui dagangna bari cocorowokan; “Bubur ayam ! Bubur ayam !”, cenah.
sae lah… teraskeun kang :)
ReplyDelete