Di saung leutik nu dipake jadi pangkalan ojeg. Bari diuk sila, Uje ngagelar koran, tuluy ngadekul maca. Teu puguh berita naon nu diteang ku Uje, eta koran teh ngan hayoh bae dibolak-balik lambarannana. Ningali pari polah batur ngojegna, Mang Wahya nu diuk nyarande tukangeun Uje, ujug-ujug seuri cicirihilan.
“Aya nu pikaseurieun Mang ?”, tanya Uje bari angger tungkul maca koran.
“Enya, aya”, ceuk Mang Wahya.
“Naon ?”
“Eta ningali maneh mukaan koran”
“Ah asa biasa kuring mah, naonna nu lucu Mang ?”, tanya Uje deui. Dilipetan eta koran, tuluy Uje muter diukna, nyanghareup Mang Wahya.
“Asa inget pas nyontreng kamari !”, celetuk Mang Wahya. Dibere jawaban kitu, Uje ngagelenyu.
“Muhun nya Mang, kamari pas nyontreng, eta kertas contrengeun teh meni sagarede kertas koran, heug saopat-opat deuih !”
“Hese mukana, lieur ngalipetna deui”, tembal Mang Wahya.
“Leuheung ari pas dibuka teh aya nu urang wanoh keur dicontreng mah Mang. Ieu mah aya ge lieur, duka saha wae eta teh nu ngaranna aya na kertas”
“Har, na ari Uje milih saha atuh kamari mun teu aya nu wawuh hiji-hiji acan mah ?”
“Lah, da Uje mah jalmi cerdas Mang. Dina salah sahiji baris nu kosong, Uje tulis we nami nyalira, tuluy contreng weh. Ari pas nu DPD mah, hanjakal Uje poho mawa pas poto tilu kali opat. Mun mawa, da geus ditempel eta poto Uje, terus nyontreng maneh we Uje mah !”
Galakgak seuri Mang Wahya ngadenge omongan si Uje. Macem-macem paripolah jalma pas pemilihan kamari. Inget Mang Wahya ka tatanggana nu geus kolot, Ki Sarpan. Harita sanggeus beres milih, Ki Sarpan milu ngariung di teras Masjid jeung tatangga sejen nu geus marilih. Bari nyundut udud, Ki Sarpan gegebes;
“Meni loba gaya pisan nya pamarentah kiwari mah !”
“Na kunaon kitu Ki ?”, tanya salah saurang.
“Baheula mah, teu pira keur nyoblos wungkul mah geus we make paku sapuluh senti. Ari ayeuna mah meni make pulpen sagala. Asa hambur-hambur duit pamarentah teh, siga aya nu beda wae bolong ku paku jeung ku pulpen !”, ceuk Ki Sarpan.
Atuh barakatak eta nu ngarariung di teras Masjid. Ki Sarpan hulang-huleng, teu nyaho naha batur bet make sareuri. Sanggeus diterangkeun ku salah saurang, karek Ki Sarpan milu nyakakak, nyeungseurikeun kalakuan sorangan.
* * *
“Naha teu nyontreng parteina we atuh Je ?”, tanya Mang Wahya.
“Ah teu aya piliheun Mang !”, waler Uje.
“Piraku ti sakitu lobana euweuh nu cocog keur Uje ?”
“Sadayana partei ge sami Mang, ngan ngajual jangji wungkul, bohong nu disebut-sebut berjuang demi rakyat teh, nu pasti mah maranehna teh milari posisi, milari harta, milari kasejahteraan kanggo diri pribadi”
“Naha Uje nepi boga pamadegan kawas kitu ?”
“Tah tingali we iklan salah sahiji partei dina telepisi. Ari di awal-awal mah meni bebeakan ngahujat program BLT ti pamarentah teh, pajarkeun teh cenah; ‘BLT itu membudayakan masyarakat jadi pengemis’. Eh, ari tos aya isu masarakat bakal milih partei nu mertahankeun BLT mah gening tuluy giluk, nyieun iklan anyar nu nyebutkeun; ‘Partai kami selalu siap sedia menjadi pengawal BLT’. Teu konsisten pisan Mang ! Katingali pisan manehna mah ngincer kemenangan teh, ngincer kedudukan teh, matak picilakaeun keur bangsa negara mun partei model kieu nu meunang Mang !”, Uje ngomong bari rada ambek.
“Aya partei nu samodel kitu Je ?”, Mang Wahya siga nu teu percaya, maklum da tara lalajo tipi Mang Wahya mah.
“Eta gening Mang… lah moal sebut ngaran Uje mah, eta we partei nu lambangna kebo bermoncong putih !”
Mang Wahya unggeuk-unggeukan cingcirining ngarti partei mana nu dimaksud ku Uje. Emang kaharti mun aya nu nyebutkeun nagara urang teh amburadul pulitikna, pamarentahna. Partei nu jumlahna leuwih ti tilu puluh teh, keur elit pulitik mah cenah “pertanda demokrasi di Indonesia begitu hidup”. Padahal mah, jumlah partei nu loba teh ciri-ciri loba pisan di nagara urang jalma nu hayang berkuasa, keur naon deui berkuasa teh mun lain keur minuhan urusan beuteung sorangan mah. Singketna mah, loba pisan jalma “haus kekuasaan”.
“Atuh Uje mah sigana kudu nyieun partei sorangan we, da euweuh nu panuju kana hate Uje pan nu ayeuna mah nya Je ?”, ceuk Mang Wahya ngaheureuyan.
“Rek nyieun partei SURABI Uje mah !”
“SURABI ? Euweuh ngaran lain Je ?”,
“Partei SURABI, nyaeta Suara Rakyat Bingung !”
Keur rame ngobrol pulitik teh, ngadak-ngadak aya raramean di jalan. Uje jeung Mang Wahya ngaradeg, kaluar ti saung. Katingali di jalan sababaraha urang keur ngarak Si Asep Godeg, salah sahiji warga nu nyalonkeun jadi anggota legislatip. Asep Godeg diuk dina sisingaan bari ngibing, siga budak nu keur hajat sunatan. Dina beuheungna ditalikeun bandera parteina, ngagebay katukang siga Superman. Sirahna meni lantis, anyar digundulan, sabab kamari mah katingali gondrong keneh. Teu kaliwat kaca mata hideung model dalapan puluhan nu jadi ciri hasna dipake.
“Aya naon ieu teh Komar, si Asep milu sutres siga caleg lian nu areleh ?”, tanya Uje ka Komar nu milu ngarak Asep Godeg.
“Is lain Je ! Asep mah justru junun jadi anggota legislatip teh ! Sihoreng boga nadzar, cenah mun meunang jadi legislatip bakal numpak sisingaan, tuluy diarak nepika susukan gede nu di belah kaler”
“Rek naon mun geus tepi ditu ?”
“Cenah mah rek ancrub, rek ngojay Je !”
“Anjir ! Ngojay ?! Pinuh ku tai jeung runtah pan susukan teh Mar !”
“Jalma nadzar ngaranna ge Je, kudu laksana !”, ceuk Komar.
Gogodeg Mang Wahya ngadenge katerangan ti si Komar. Sanggeus eta rombongan liwat jeung ngajauhan, Uje jeung Mang Wahya balik deui ka jero saung.
“Goblog !”, ceuk Uje, ujug-ujug.
“Naon Je ?”, Mang Wahya reuwas.
“Kalakuan nu meunang jeung nu eleh sarua euweuh picontoeunnana. Nu eleh ngalah saletres, garelo, nepi aya nu bunuh diri. Nu meunang saruana, Mang Wahya ge uninga panginten, eta na berita gening di daerah jawa, aya jalma nu kapilih jadi legislatip tuluy ngojay jeung ngudag bebek dina walungan keur ngarayakeunnana. Gelo ! Teu siga jalma waras mes-mes acan, si Asep nepi hayang ngojay di susukan tai !”
“Nu pantar kitu nu bakal ngawakilan urang di pamarentah teh Je ! Walah cilaka dua belas ieu mah, nyaan ruksak ieu nagara !”
“Jaman edan Mang Wahya ! Preman pasar model si Asep Godeg jadi wakil rakyat. Di beh kidul, tukang renten cenah nu meunang teh, di beh kulon tukang pamabokan jeung judi dadu nu meunang. Loba deui pastina jalma-jalma teu eucreug nu jaradi wakil rakyat. Rek jadi naon ieu nagara kahareupna Mang ?”
“Aduuuuuuh Gusti……”
“Kunaon Mang Wahya ?”
“Enya, sing we Emang kamari teu salah nyontreng”
“Amin”, tembal Uje.
* * *
Teu kungsi lila, datang ibu-ibu nu sigana karek balik balanja ti pasar.
“Ojeg Mang !”, ceuk si ibu ngageroan.
Mang Wahya ngadeg. Si ibu emang jadi jatah Mang Wahya, sabab Uje mah saacan ngobrol bieu teh geus meunang muatan. Mang Wahya numpak kana motor, si ibu nuturkeun, ari Uje mah tuluy gogoleran.
“Je !”, gero Mang Wahya nu geus siap tancep gas.
Bari angger ngagoler, Uje ngagiler ka Mang Wahya. Leungeun kenca Mang Wahya dikeupeulkeun jeung diangkat, gayana geus siga para pajoang nu dina pilem-pilem.
“Hidup Surabi !”, celengkeng Mang Wahya ngagorowok.
Si Uje seuri, si ibu nu dibonceng hulang-huleng.
pertamaX...
ReplyDeletebtwm tulisan diatas artinya apa yah? he.he.
matur nuwun bang ahmad
ReplyDeleteHidup Partai SURABI (SUara RAkyat BIngung)
Nb : Surabi itu nama makanan khas sunda, kayak kue pancong kelapa gitu deh....
leres kang, upami tos janten sok harilapeun kana janji-janji nu tos di ucapkeun... abdi ngiringan partai Surabina lah, tapi nu nganggo oncom nya...dituangna teh disarengan ku teh amis... alah... :)
ReplyDeletejadi kang intermezo, kapan kita akan adakan sidang pleno nih ? hehehehe...
ReplyDeletenuhun ah komenna...